Cermah Basa Sunda - Ngajaga Kabersihan


Ngajaga Kabersihan
            Geus teu asing deui arurang kana kecap kabersihan anu sering didangukeun mung , arurang didieu kurang kasadaranna ngalarapkeunna dina sapopoe aktipitas. Kabersihan mangrupakeun sabagian tina iman anu saestuna urang kudu inget yen kabersihan mangrupakeun jalan urang ibadah nu utamana urang ka Gusti Alloh teras ka papada manusa jeung ka alam nu sakitu endahna ieu. Diantarana kaayan ayeuna ningal jalma sok nyepelekeun wae kana kabersihan nu dimimitianna miceun runtah kamana wae henteu kana tempatna atau tong sampah, ku kituna anu hal paling hampang dina miceun calacah jeung puntung roko we sok kamana wae sakitu hanteu tartibna barang saenggeus pamake teh. Hal ieu anu mangrupakeun lambat laun ngarusak jatidiri urang salaku muslim anu dina ajaran agama urang nyaeta Islam nepika ka jentre ngabahas kabersihan pikeun umatna anu saterusna kana nyiptakeun kaendahan bagi diri urang tur lingkungan hirup sakitar.

Kabersihan nyaeta bentuk tartibna dina suatu kaayaan lingkungan anu teu pabalatak boh dina runtah atawa jeung sajabana anu bisa ngarusak kaendahan dina hiji tempat, tina kaayan kieu pieun hirup urang merenah tumaninah ngalakonan hirup dina hiji tempat misalna kaayan di imah husus na di kamar pabalatak teu kaatur jeung rarujit nyaeta nandakeun yen nu ngisina teu bisa ngajaga kabersihan dina pokok ieu bisa dijadikan peunteun yen eta jalma kurang kasadarana tina ngajaga kabersihan atawa jarang bebersih bisa kusabab sababaraha paktor anu ngadukung pikeun bijilna kalakuan siga anu kitu teh diantarana kusabab hoream atau males , sibuk ku pagawean anu di luar jadi henteu kaburu mersihan kamar , jeung kurangna kana kacintaan lingkungan . Dina sababaraha paktor nu di jentrekeun nyaeta bentuk pariasi tina alesan – alesan atau argumen anu bisa jadi landasan kunaon eta jalma tara mersihan kamarna, mung anu intinamah kasadaran jang kabersihan teh kudu di nomor hijikeun pikeun kanyamanan sorangan tur babarengan.

Pentingna kabersihan oge aya dina ayat suci al qur’an anu ngajentrekeun nyaeta dina surat Al Baqarah ayat dua ratus dua puluh dua anu hartina "Saestuna Allah mikaresep jalma - jalma anu bertobat jeung mikaresep jalma – jalma anu nyucikeun dirina.” Dina hartina jelas pisan Allah mikaresep jalma anu nyucikeun dirina. Salain tina ayat suci al qur’an anu ngajentrekeun aya deui dina hadits anu diriwayatkeun ku Muslim ti Abu Malik Al-Asy’ariy nyarios : Rasulullah SAW nyampaikan sabda : “Kesucian nyaeta syarat iman.” (HR. Muslim). Tina dua pembahasan tadi bisa ditarik garis tegasna nyaeta dina kabersihan saling nyambung jeung patali pisan jeung kana kasucian hal ieu anu bisa yen saorang jalma meunang kasucian tina kabersihan teh jeung kabuktianna yen saorang jalma teh nandakeun dirina jalma anu beriman.

Ku canggih na jaman ayeuna nepikeun ngahubungkeun jalma ti sababaraha daerah ku lewat carana suara , gambar boh videona nepikeun sagalana tina jaman ayeuna sagala gampil ku payu ngahontalna kacanggihan teknologi komunikasi barang tangtuna nepikeun hahargaan jaman ayeunamah geus apung – apungan, ku anu kaayan kieuna nyieun kaayaan jalma – jalma kurang fokus deui kana kabersihan salewihna geus ngageser nepikeun teu paduli kusabab cecekelan hirupna anu dimana nuturkeun kaayan jaman sangkan leungit paripolah jeung kabiasaan budaya hirup jeung norma – norma hirup babarengan gotong royong atawa sabilulungan dina hal ieu jadi pamersatu karagaman dina hirup kaasup dijerona ngeusi ngeunaan miara lingkungan jeung diri sorangan. Dina kaayan kieu jalma sering ngagampangkeun kana tina sagala hal nepikeun ngapohokeun karuksakan dina kalakuanna nu bakal ngarusak lingkungan , conto na dina miceun runtah kamana wae hususna ka walungan gede ieu nandakeun kapribadian anu goreng tong diturutan anu dimana ngagampangkeun kana kaayan anu mangrupakeun sabab jeung akibatna dina sapopoe ayeuna keur usum hujan bakal nyien ca’ah jeung banjir anu bisa nyieun korban jiwa di deket wilayahna anu nyieun saluran cai jeung walungan mampet teu bisa jalan siga kumha pungsina, salain tidinya wabah panyakit oge nyieun jeung nyiar korban anu bakal gering tina teu ngajagana kabersihan teh anu dimimitian gering muntaber , panyakit kulit ku sabab infeksi tina cai anu jaram tur bau , jeung tempat sarang panyakit reungit demam berdarah anu nyicingan tempat cai kotor anu tenang.

Dina sasabaraha masalah anu geus dijentrekeun , saurang muslim kudu boga kapribadian anu salaras jeung kaimanan nyaeta dibuktikeunna ku kabersihan lingkungan , hate , anu akhirna bisa nyucikeun dirina. Solusi dina kaayan kitu kudu aya na sangsi anu tegas jeung ngiket bagi para palanggar anu kadeteksi bisa ngarusak lingkungan tina cakupan umumna , tina husus na yen kabersihan diri teh geus kudu jadi sajiwa jeung raga urang pikeun urang salaku umat beragama anu boga aturan jeung norma – norma lingkungan anu sopan jeung tartib. Kuduna geus jadi barang tuman napel jadi kapribadian muslim anu sajati , leuwih – leuwih dibere pangarti pentingna ngajaga kabersihan nu diajarkeun ku kolot ditambah dina sakola formal ti taman kanak – kanak nepi ka bangku kuliah geus wareg sigana ngabahas kabersihan mung ngalarapkeunna anu jadi masalah jeung daek henteu ngamimitianna eta tah mangrupakeun gogoda jang kaum pamuda jaman ayeuna anu geus kabawa ku budaya – budaya globalisasi anu datang ka bangsa urang pikeun kaum pamuda jaman ayeuna marales jeung teu paduli lingkungan. Kudu aya pormulasi anyar ku cara ngingetan jeung ngelingan naekeun tarap kasadaranna satahap demi satahap ngumpulkeun pamadegan anu sarua pikeun pentingna kabersihan babarengan terus ngagerakeun babarengan pikeun kamaslahatan tur kaendahan , kanyamanan babarengan  pikeun ngarobah kalakuan anu goreng pikeun sarumanget ngajaga kabersihan hususna kabersihan lingkungan anu jadi bentuk kacintaan urang ka lingkungan jeung diri urang sorangan.

Komentar

Postingan Populer